Selasa, 12 Juni 2012

Sobat Uing

Ngadeukeutan pertelon cimareme, laju mobil kalah lalaunan. "Enggalan atuh Pa, ntos kirang lima belas deui yeuh..ke kasiangan deui atuh!" " Kumaha atuh..pan jalana macet, Sep!" Supir teh ukur bisa nidid-nididkeun klason mobil. " Koran, koran pagi...berita baru Pa!" ceuk budak tukang koran pantar uing. "Cik, meuli hiji Jang!" "Aeh, aeh kalah meuli koran!" uing keuheul kanu jadi supir. "majalah ge aya, Sep!"ceuk budak tukang koran teh. Uing ngareret, manehna nyerengeh bari ngasonkeun majalah. Ah, Dadan. Sobat uing keur di SMP nu teu bisa neruskeun sakola alatan kulawargana teu bogaeun keur waragadna.

Sabtu, 09 Juni 2012

Dunungan kuring

Siga sagelas cai herang pikeun rasa anu keur hanaang. Nyaan boga Dunungan teh ku hade hate. Berehan, jeung handap asor. Basana teu weleh lemes kasasaha ge. Komo ka kuring anu kasebutna urut dunungan Manehna. Pokna ge "Aden mah tos dianggapsepuh ku abdi, janten lamun peryogi naon bae teh, tong asa-asa nya enggal balaka ka abdi!" Teu karasa cipanon kuring ngalembereh mapay pipi. Ras inget laku-lampah baheula basa kuring keur luhur kuta gede dunya. Ceuk anu ngewa mah. Kuring teh jalma Adigung gede hulu, asa pangjegudna dikota leotik ieu teh. Ka pagawe, ka dulur kumed komo ka tatangga mah tara daek pisan nulungan kasusahna. Ah! harta, jabatan geuning henteu langgeng. Da ari geus dipulut ku nu Maha Gaduh mah, Sakilat ludes! Nya siga kuring kiwari jadi supir, ngadunungan ka urut pagawe sorangan nu usahana tambah maju.

Bangsat!

Di juru pos ronda. Manehna nyempod bari nangkeup tuur. ngeluk jeng beungeutna bareungeup baloboran getih. Opat hansip ngajarega mager panto pos ronda, ka asup kuring. Pa Rw, keur ngalelemu amarahna para warga sangkan leler. "Kubur hirup-hirup atawa duruk sakalian tuman, euy!" ceuk nu kapalingan tipina, di engklakan ku warga laina. Teu lila mobil pulisi datang, Warga nyingray. Manehna di giring asup kana mobil pulisi. Kuring ngaharewos ka manehna " Matakna ge kudu pinter atuh, Jang! Ngarah bisa maling duit nagara milyaran, Jeung lamun kabur terus katangkeup. Da moal aya nu wanieun ngagebugan jeung noel-noel acan geura. Da urangna 'pan pada ngawal!" Manehna neuteup ka kuring jeung imut unggeuk!

Selasa, 05 Juni 2012

Balik ti Cianjur

Jam dalapan peuting. Dina Beus, diuk pangtukangna. Nyarande jeung peureum, ngararasakeun kacape tadi beurang ider-ideran jeung bebende nu ngenalkeun dulur-dulurna ka kuring. Reg, Beus eureun. Teu lila karasa aya nu noel kana taktak. Ang! abi hoyong calik cakeut jandela, kenging nya da bageur!" Wanoja teh manis imutna. kuring unggeuk, asa kajalanan pikeun ngobrol. Samalah memeh turun di Jalan Soekarno-Hatta, Manehna mere kartu namana. jeung nitah datang poe minggu hareup, da manehna teh rek sukuran tepung tauna. Poe minggu nu geus di jangjikeun, kuring geus aya hareupeun imahna, ngan rumegog rek namu teh. "Pa! bumi neng Imas teh eta?" kuring nanya ka hiji kolot nu rek ka eta imah. "Muhun, hayu atuh urang sami-sami ngaduakeun pendak tauna Almarhumah, Jang!"Kuring ukur bati ngahuleng, terus ngilikan deui kartu nama pamere Manehna.

Potret Manehna

Poe minggu. Lain ngahaja ulin ka warungna. Ngan jangjian jeung tukang ojeg, rek nyewa motorna sapoe. Gek, kuring diuk jeung pesen cikopi ka siIbu warung. jeung nanyakeun wanoja anu sok nutupkeun tingkeuban warung tiap jam dalapan peuting, nu sering katempo mun kuring balik gawe. Nu di tanya kalah melong ka Salakina."Ke, ke Iraha pendakna Cep? da Bapa mah teu gaduh putra Istri!" siBapa warung heraneun. "Sasasih kapengker Pa!" siBapa cengkat bari ngajak kuring ka imahna. "Eta sanes, Cep?" siBapa nuduhkeun potret lawas nu naplok di dingding ruang tamu. Katingal hiji wanoja keur imut manis, rambutna panjang, raksukana kabaya burkat kayas, kahandapna samping batik motip mega mendung nuju calik dina bangbarung.Kuring unggeuk bari terus neuteup potret Manehna. "Eta mah almarhumah mertua, ngantunkeuna waktos pun bojo alit keneh, Cep!"

Sabtu, 02 Juni 2012

Cisoca

Ngaborélak célak béntang timur. Cisoca Resi Drona, ngajirim janten hiji patarosan di Nagri Jaladri nu Éndah tur Sugih ieu. Enya naon atuh anu henteu tiasa ngajadi di Nagri Jaladri anu Éndah ieu? Anu Bodas tiasa janten Hideung, 'Pon kitu deui Samulihna! Émutana kingkin, ngeleter ras emut ka Nagri Sajatina. Mangréwu Sengit Érmawar tur Malati, Miajrih tur Miéling dirina. Didieu Kadeudeuhna, Anu mapakan gunung tur sagara, Anu henteu ngawilah-wilah, rék Bodo, Pinter, Badeur jeung Bageur kanu jadi murid-muridna. Ilang! Sapertos keclak Cisocana, Anu janten patarosan teu nemu jawaban. Ilang! Di teureuy rongkah galura ombak Nagri Jaladri anu éndah tur sugih ieu! Anu Sadaya Rahayatna Senang nyandang tur pangan? Nu salawasna di picinta Atina!

Kabayan Ngeclok duit

"Bang! ngeclok duit euy uing cepeceng mah!" Siabang neuteup heraneun, beut tara-tara siKabayan rek nginjeum duit ka manehna, "meunang tapi mayarna leuwihan ceban nya, Yan!"pokna. Kabayan kerung bari ngomong " Tilu poe oge dibalikeun, maeunya ceban...gocenglah Oke!" Golosor siAbang mikeun duit saratus rebu, siKabayan bungah. Bari ngaheot manehna terus indit rek kapasar meuli kadu jang mahugi kabogohna. Tilu poe ti harita, manehna panggih jeung siAbang nu keur otel diuk ngarendeng jeung Ceu uneh tukang Cikopi. "Tah! kapergo ayeuna mah..di bejakeun ka si Tante lah!" siAbang reuwaseun " naon da Abang mah keur megat maneh bari ngopi nya Ceu!" Ceu Uneh ukur mesem. "Alah, kawas teu katempo bae tadi pating harewos...heug ke uing rek lapor heula ka erte nya!" 'Shhts, sok diuk heula Yan!..Ceu, jieunkeun cikopi jeung dieu roko sabungkeus..keun Abang nu mayarna!" "Ari hutang kumaha urusana Bang?!" "Lah, kawas lain jeung cees wae..Lunas Oke! tapi kabayan ge ngarti meureun?" Kabayan unggeuk bari diuk na bangku warung, pokna teh " Cik Jigow mah..Camer hayang bako mole cenah Bang he he!" " Yeuh, Gocap...awas ieu rusiah nya!" Kabayan ukur nyerengeh bari ngaregot cikopi buatan ceu Uneh.