Sabtu, 02 Juni 2012
Kameja abu kotak-kotak hideung
Peuting mani ku leuseuh,ngarayap ngadeukeutan ka Janari. Hate jeung
Pikiran titatadi gutreng teu daek eureun, kalah beuki uleng tambah
lung-leng.Muter!. Kabayang tadi beurang, Paroman manis,hideung santen di
kudung warna bungur ngora,dua opat taun,ngeluk semu nu era.
Indungna,gigireunna ngemu semu pinuh harepan. Ceu Mae anu capetang
tatangga uing, nyorocos mani daria
ngutarakeun pamaksudan nu jadi Adina matak mawa anakna nyemah ka uing.
Hiih! kasebelan,nurustunjung siah!, kieu kajadian teh,balukar polah si
Kacep anak ceu Mae. Belegug,bangkawarah siah! na make jeung pura-pura
kasandingan embah nu ti pasir bandera sagala. Teu lucu mani gumasep
kasurupan teh,make menta es juice,roko samsu sabungkus,nya tungtungna
mah menta motor mio. Geuleuh siah,jadi we uing kabakutet peta sia,
disangka ngabogaan pangarti urusan nu kararieu. Hih mani hayang
nalapung,kaduhung ditulungan. Peuting katingali geus leungit,eumh
meureun ngahephep dina impian disimbutan ku Janari leutik nu jigrah ulin
titiliktrikan. Bulan rupana saeutik deui ka purnama, nyerengeh di
langit ka uing nu baluweng diuk di tepas. Dina meja plastik leutik,dua
gelas lamedong ku gegedoh,nu hiji deui masih eusi satengah ci kopi nu
nyecep tiis. Dua bungkus roko jarum nu hiji kari sabatang. Dina asbak,
calacah campur jeung kuntung.Mudal. Gutreng hate jeung pikiran jadi
kalah rehe. Kameja abu kotak-kotak hideung,masih dibungkus ku
koran,bingung,dina tangkeupan uing. Bakal kapancenan ciri nu datang
nedunan hiji harepan. Kuring cengkat tina korsi. Alaah! Mangsa bodo geus
kagok ngawadul ieuh. Da aing teh lalaki jeung geus leuwih ti cukup umur
ge. Isuk! Pasti rek make kameja abu kotak-kotak hideung. Seja maranan
paroman manis ka Cililin!
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar