ngadalingding kasturi. gumilang mangrupi kaendahan nu
teu kabayang, lawang tresna nu muka lega teu kaukur. nu ngantri
lebet,raray raray cahaya. barisan imut nu nemu gelenyuna, madu nu bakal
mibanda mamanis salanggengna.
panto tresna, nu someah ngahiap,
gupayna asih paromanna deudeuh. pangbagea ka ati anu kasinugrahan bagja.
sisi lawang belah kiwa dina kempelan harendeg nganti ngaheruk, neuteup seukeut ka kuring. Pameunteu deudeuh ngaharewos ka kuring, suantenna halimpu kukupingen.
" Poma ulah meutingkeun Amanat,ulah ngalalaworakeun piutang!"
"pa,apa...Aa ntos ibakna...enggal gugah. bade ka cai mah. bilih kasiangan ka masjid!"
korejat kuring lilir,hudang tina korsi. budak lalaki kuring,dirangkul dicium tarangna.
gura giru kuring ka enggon. handapeun bantal bengketan amplop gajih
kaamanan lingkungan can kabikeun. leuh geus tanggal 10 ieu teh!
Ctr'0212
Tidak ada komentar:
Posting Komentar