Kamis, 31 Mei 2012

'Carita Peuting Munggaran'

Paroman Mitoha, katingalina encan ilang séwotna. Da acara tipi nu nayangkeun OVJ nu ceuk kuring mah pikaseurieun, henteu ngalunturkeun kuraweud haseum tina rarayna. Anu jadi pamajikan, ukur tungkul ngaheruk gigireun kuring. Diruang tamu téh, ngan kuring wungkul nu merhatikeun tayangan tipi. Mitoha duanana cengkat tina diukna, muru kamarna. Geblug sora panto ditutupkeun mani tarik. Nu jadi pamajikan ge ngolesed, terus ninggalkeun kuring asup ka kamar. Cetrék, tipi dipareuman. Kuring ge nangtung muru ka kamar nuturkeun pamajikan. Di sisi ranjang pamajikan diuk, manéhna imut ngagelenyu nempo kuring nyelotkeun panto. Gek, kuring diuk gigireun Pamajikan. "Hampura rin tos mitnah ka akang nya!" sorana halon tapi imutna kalah beuki manis pikauruyeun katingalina téh. "Janten...Saha atuh nu gaduh perbuatana Rin?" kuring neuteup beungeut pamajikan nu beuki matak pikageregeteun. "Ah, da teu ngandeg Rin mah. Pura-pura wé pédah rék ditikahkeun ka siDodo ku Apa téh. Hiyy, amit-amit. Narah ari kudu dicandung mah Rin téh" "tapi naha beut milih akang, sanes ka hendra réncang sakola rini nu katingalna sakitu layeutna?" Rini nyéréngéh, duh éta waosna mani ngagurilap. "Tuda gemper dicehcer ku petarosan-petarosan Apa. Ari pék ningal akang ngajajapkeun bi imas nu mulih ti pasar. Nya..." Rini tungkul. "teu kaduhung kitu rini, gaduh carogé katukang ojég?" Rini neuteup kabeungeut kuring anu beungeup, tapak panyabok Mitoha tadi beurang méméh dirapalan. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar