Tilu
peuting ti harita, ceuk Ceu Onah kieu: Janari kakara nguniang hudang.
Anak Ceu Késih gundam, bari kekerot téh panona molotot beureum. Keur
kitu panto aya nu ngagedor, salakina pada mayang ku réngréngana. Baju
jeung calana pangsina rangsak. Sakujur awakna raca ku tatu, baloboran
geutih. Leungeun katuhuna, pageuh nyeukeulan Bedog siDongkol pangleler
mitohana, Ambuna pamajikana ti lembur Lolohan. Salakina neuteup leuleub
jeung unggeuk bari masrahkeun bedog ka manéhna. Salakina imut
ngagelenyu! Isuk-isuk dua lembur nu kaheuleut saampar sawah téh, pada
sibuk ngurus layon. Kang Jumad jeung Juragan Bako, anu ceuk badégana
mah. Sakujur awak Juragan Bako téh, pating arudat tapak bedog. Samalah
mah beuheungna, méh amper sapat siga Lodaya nu tigurawés ka gawir,
disamber bedog siDongkol Kang Jumad. Digigiren layon nu keur dimandian.
Budak lalaki Juragan Bako, kekerot témbong sihungna. "Ari Lodayana
kamana?" sora nu ngariung bareng. "Nyéta raib. Ngahiang cenah. Teu
ngarti uingah?" Trong! Kentongan sakali kadéngé ditakol ti garduh. Uing
gewat mayar cikopi ditarurutan kunu séjén. Kabéh sarua miris, ngadéngé
dongéng du jadug kahot patelak. Nedunan wasiat ti guruna séwang-séwang.
Kayana anu ijén di dua lembur pentaseun jalan jajahan téh. Acan tuntas!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar