Harendeg
Cetrék!
Bray, tipi hideung bodas dua belas inci. Témbong penyiarna, manis.
Ngawartakeun kapal udara murag jeung ngaran-ngaran nu tilar dunyana dina
eta musibah. Teup, maca hiji ngaran. Harendeg. Gesut nyokot tas sakola,
kusiwel amplop surat di buka deui. "Pasti da, moal daék nganteur uing
ka bandara. Wani tarohan lah!--salam ti saingan beratmu, loh!-- Ih,
naha kudu kaluar negri sagala, naha teu di jakarta atawa di jogja we ari
bosen ngotok-ngowok ngatik elmu di bangdung mah! Kabayang deui waktu
perpisahan. Manéhna daria pisan, ngajak paheula-heula nalukeun haté Lea,
Béntang és ém a anu di kelas 3c. Anu geus leuwih tiheula indit ka negri
deungeun. Ah, Wilujeng angkat, Bud!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar