"Teuing
kumaha ari pikiran Dunungan urang. Apan uing ti isuk jedur kénéh geus
marengan kukurusukan ka pasir néang kebonna, malah ka pasar nganteur
meuli Bako Tampang karesepna.
Ayeuna masih kénéh kapaké marengan ka dieu, ih jadi éra uing mah
kunu gigireun, tukangeun jeung hareupeun anu pada ngadalingdingkeun
wawangén. Sedeng ari uing kalah nyambuangkeun bau karinget léngkét!".'
"aéh,aéh, na beut ngarasula ieu téh? teu pantes keur urangmah!",
"Lain ngarasula apan nyaho sorangan, Manéhna boga loba...kahayang
téh pilih baé nu pas jeung pantes pikeun marengan katempat nu Mulya
pinuh Barokah ieu téh!".'
"Ssst mengges ulah norowéco baé, mending urang ngucapkeun rasa Sukur
bisa kapilih tepi tempat nu Mulya pinuh Barokah ieu, lain kalah
ngabaribinan, ngaganggu kani'matan Dunungan nu lelenggutan...Geus
mending urang regepkeun wejangan Khotib!" Kaos Kurung balem ngan
paromanna murukusunu di gebes Sarung nu madep nutupan nu sila tutug téh!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar