Palatarana anu lega kacaangan cahya bulan purnama.
Katémbong tangkal buah golék jeung Sirsak, keur baruahan mani laleubeut,
ngan ditukangeun imahna dapuran awi mani ngaroyom, Hieum! Basa rék
uluk salam, kadéngé sora ti pipir imahna ngabagéakeun uing, "éhé, hé,
Yaya ieu téh! Kumaha siKeuis geus waktuna nya? Keun mun kitumah, ema rek
indit tiheula nya. Bising borojol manten orokna!" nu
nanya téh, terus wé ngincid ninggal keun uing. "Ké atuh Ma bareng!
Jeung ngarah caang, pan uing mawa oncor!" ceuk uing satengah ngagorowok
kanu ngaleos. Kulutrak! Sora panto muka, uing rék nyusul nu indit
ngarandeg jeung ngalieuk ka lebah panto. "Har! Geuning Yaya. SiKeuis
geus karasa beuteungna nya?"ceuk nu kara kaluar ti jero imah téh. "Aéh,
aéh, ari tadi nu indit tiheula saha atuh, Ma?" Nu ditanya kalah sup
deui kajero imah, teu lila kaluar bari nyolendang tas leutik. Pokna téh;
"Hayu Jalu urang susul mangkeluk téh. Keun da moal bisa asup ieuh ka
imah hideupmah. Pan kamari geus dipasang tulak bala ku Ema" uing unggeuk
nuturkeun Ma Itih. Tepi ka hareupeun imah uing uluk salam. Panto
muka, témbong beungeut mitoha awéwé pucet jeung hariweswes, "Jang!
gancang téang siBapa ditukangeun imah keur galungan jeung....Bisi kuma
onam!" Uing rék indit, ngan Ma Itih rikat nyeukeulan leungeun bari
ngasongkeung pakarang Kujang. "Jug! Peruhkeun ku ieu Jalu! Keun siKeuis
mah, ema jeung ambuna nu ngurus!"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar