Kopdar
Poé minggu jam sawelas beurang di Jero Los,kios kahiji di kota kembang.
Nu di téangan keur ciri kapanggih lebah juru nyelap dibeungkeut karét
gelang, gap dicokot terus dicena nyetél ka pelayanna. Lagu ngalaeu
patémbalan jeung lagu-lagu ti kios-kios séjénna."Om tis nya?". Uing
ngarérét,Manéhna nyéréngéh. Wanoja lenjang, umur tilu puluh lima taunan
ngakuna mah, basa Uing narima és ém és sasab
anu terus manjang jeung uplek ngobrol tiap peuting tepi ka janjian
Kopdar di ieu tempat téh. "Leres!",pel sasalaman, ngan haté pinuh ku
cangcaya, "Ah,ieu mah pantar si Nénéng anak Uing nu kara naék kelas dua
és ém a ning?!"."Mamah ngantosan payuneun Masjid Agung!", Mojang lenjang
téh imut manis. "Ih,yu urang énggal tepangan atuh!", bari gancang mayar
pisidi bajakan,lagu Hujan di bulan April ti grup bend paporit Uing.
Haté ngadadak bungangang deui.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar