Wangsul deui ka wanci haneut moyan. Katingali Salira, gura-giru
satengah lumpat, teup ka kuring nu kabagéan ngadeg caket lawang,
leungeun ranggah, gap, panangan kacepeng, urang sami ngadeg
papayun-payun. Riyeg, soloyong kana dada, kuring rikat nangkeup salira,
"Hapunten!" Kuring unggeuk bagja. Teras carita ngawitan ngalir, Aya ku
manis pancakaki dina heurin usikna sadaya rasa nu ngadeg, nu kebek ku
sagala pangharepan éndah. Urang lungsur téh sami di stasion Bandung.
Sareng sami pada surti kedah turay. Bongan atuh udagan urang téh benten
nya, Rin!?

Tidak ada komentar:
Posting Komentar