Ermawar beureum

Kaluar ti kamar, Panto imah masih nutup. Ah, geus indit jeung
babaturana meureun. Teup kana panto kamarna nu méléngé, disurungkeun,
bray!, sagala eusi kamarna katempo. Bau roko ka angseu, pajuarana nu teu
mangrupa, sepré nu kamana karep jeung balatak kertas-kertas nu pinuh
coretan teu paruguh. Ih, Dasar lalaki, jorok téh mani teu jeung adeuh.
Teu talangké jandela kamarna dibukakeun,
hawa seger asup ngadalindingkeun ermawar nu keur sumedeng ligar ti
taman leutik pelak kuring. Hem, paingan milih kamar hareup, bisaan
kituna mah manéhna téh. Bérés mersihan rohangan kamar katut pajuarana.
Teup kana meja leutik, luhur computerna, aya map beureum jeung amplop
surat bodas. Gap di buka amplop téh, uni suratna kieu: "Ass...Rin adi
akang. Hampura, rumasa geus menggaskeun ka cinta Rini jeung Angga. Akang
teu bisa nolak kana pamundu Mang Haji, rama Rini. Anu sakitu
merhatikeun pisan ka kulawarga akang. Keun ké mun akang cios di alihkeun
tugas, masalah ieu urang bereskeun. Da kahartosen. Mun akang geus
tugas di leuweung mah!. -Budi-. Teu karasa panon beueus, inget ka Angga
nu kara sabulan jatukrami ka Nena sobat kuring. Inget deui ka Manéhna nu
saprak mibojo kuring, imutna leungit manisna. Leungit réngkak polahna
nu galecok dina saban riuangan, nu teu pikaresepeuna mun merhatikeun
pakéan jeung buukna nu gondrong. Rét ka lebah jandéla nu muka, ermawar
beureum imut ligar, geterna siga surti kana cinta nu mimiti mangkak dina
ati. Teu karasa cipanon ngalémbéréh mapay pipi. ah, Budi!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar