Mulang
Tiap
Mulang nepungan Dulur nu Dumuk di Lembur nyingkur. Kuring rébo ku rasa
sono. Tiap lebah rék liwat Jembatan, tara teu nyampak Manéhna. Angger!
Katingali keur metik hitar bari ngahariringkeun lagu birahi nu lawas
dina luhur Kutana. Biasana ukur saliwat unggeuk jeung silih tenggorkeun
imut manis, da ari geus tepi kadieu téh sok loba nu kudu di tepungan.
Tapi kiwari mah, Manéhna eureun heula ngahitarna jeung lirih nyalukan
Kuring: "Asa lawas tara kadieu, geus lali nya?" gerendengna. "tingali
tuh wahangan nu ngamalirkeun cinta muru muarana, urang gé bakal mulang
ka muarana, Kuring mah sono ka Manéhna?" Sambungna bari neuteup, siga nu
keur neuleuman haté Kuring tepi kadasarna, neangan jawaban nu rapih di
samunikeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar