Senin, 14 Mei 2012
Tong paké ay leup yu!
"Gus, Jieunkeun surat akang, yeuh goceng
keur prankona!" "Ké, kagok keur nganggeuskeun Pr heula, Kang!" "Nya sok
omongkeun. Naon nu kudu ditulis. Tapi tambah goceng nya. kang!" "
heueuhlah! -Neng, Surat geus katampa, ngan pamenta maneh moal waka
ditedunan beurat ari kudu buuk dicukurmah. Ke we mun arek kawin kara
dicukur okey. Wasalam Aa Duyéh titik! Eh, omat tong paké ay leup yu,
nya! Jeung nu lemes pisan basana, baelah menang rék maké puisi saeutik
gé, yeuh Ceban! Akang rek mangkat ngojég heula" "Oké, Bos!" "Bas, bos,
bas, bos siah, katuliskeun jadi tukang korupsi keh uing! Awas poho tong
pake ay leup yu! Uing lieur maca balesana, Gus!"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar