Dongeng Ucup
"Sigana
resep mun sayah jadi didinya!,hayang ka arab ka amerika atawa kamana
baé gé,kari gerak,sakolepat gé tepi. Teu siga kieu, hayang geura kumpul
jeung sagara gé katahan heula di dieu!",
"Ih,puguh déwék nu hayang siga ilaing!. teu beurang teu peuting pada maturan kunu ngaruseup!"
"heueuh nya, mun bisa rekes mah hayang silih tukeuran,ngarah bisa silih
rasakeun genah jeung teu genahna gumelar!". Lep,kucuprak..Dua Jejer
kabetot ku lauk nu nyanggut,tilelep. Teu dipalire ku Ucup nu
kerung,ceulina keur di rebing-rebing. Ti langit Purnama Mabra,nyaangan
hiliwir angin nu keur otel jeung cai bendungan cirata nu ngeplak pating
borélak.
"Pong! pong!, keur nganterkeun kamana?
Balikna samper
uing euy,rada muriang awak yeuh!" klik hp pareum,teu lila sora bargas
datang ngadeukeutan Ucup nu cungelik sorangan dina rakit.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar