Upami Wengi kaleresan Purnama dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir
Tikukur. Sono Nambihan! Émut ka Salira nu calik dina pangkonan pageuh
meulitkeun panangan kana beuheung, sareng Raray nu dangah ngalebuhkeun
Purnama, nu nampeukeun kareueutna tresna. Ah, apal waé Salira mah kana
kalemahan haté Aang, nu teu kiat nadah teuteup ceuleuyeu nu sapertos
patingkaretipna bentang ningker Purnama
itu, sareng basa gelebug angin nembag ngarewégkeun tirisna ka Urang.
Salira ngaharéwos, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!". Kiwari sami!
Aang nuju calik di tepas katineung Urang, bari carinakdak neuteup
Purnama na embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur, nu
kakalieusan dina hunyudan pepedut, nuju ngadamel serat kanggo Salira.
Mudah-mudahan waé dugi kana pangkonan Salira, nu nuju nganti, calik di
Patamanan Nagri nu éndah, nu tangtos hiji waktos bakal ka sorang ku
Aang, Rin!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar