Kamis, 24 Mei 2012
Dayeuh Bingung
Saha anu palay nasib nyangsang, disaung sisi rél
kereta api? Sigana kapalay mah sami, hoyong ngahening di Kota Baru
Parahyangan. Atanapi, sawios dumuk di puri Ér anu seueur És na gé.
Tibatan didieu, haté teu tenang, seseblakan mun ngadéngé sora karéta.
Hariwang, sieun Ndén Putri sanasib jeung anakna tante jumsih nu dua poé
katukang kasambér karéta. Sakapeung mah kumejot hayang balik
ka sarakan, ka kampung Harééng. Tibatan ngadu nasib didieu, katétér.
Éléh kawas langlayangan pégat benangna. Kokoléangan di Dayeuh bingung
ieu. Ngan digerentesan kitu téh siKanda. Kalah nitah ngaca kana
eunteungna Seus Améh bojona Om Unéd anu damelna Sakantor sareng siKanda,
pada-pada nyiar rongsokan. Bunda ayeuna kantun nunggu jeung ngarep
tinekanana cita-cita Ndén Putri, anu hoyong sakolana dugi kaUPI. Hé, Hé,
Ngimpi?! Sawiosnya pungpung haratis. Jeung Urangna apanan nuju ngimpi
didieu, ngantosan di lilirkeun ka Alam Langgeng.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar