Selasa, 12 Juni 2012
Sobat Uing
Ngadeukeutan pertelon cimareme, laju mobil kalah lalaunan. "Enggalan
atuh Pa, ntos kirang lima belas deui yeuh..ke kasiangan deui atuh!" "
Kumaha atuh..pan jalana macet, Sep!" Supir teh ukur bisa nidid-nididkeun
klason mobil. " Koran, koran pagi...berita baru Pa!" ceuk budak tukang
koran pantar uing. "Cik, meuli hiji Jang!" "Aeh, aeh kalah meuli
koran!" uing keuheul kanu jadi supir. "majalah ge aya, Sep!"ceuk budak
tukang koran teh. Uing ngareret, manehna nyerengeh bari ngasonkeun
majalah. Ah, Dadan. Sobat uing keur di SMP nu teu bisa neruskeun sakola
alatan kulawargana teu bogaeun keur waragadna.
Sabtu, 09 Juni 2012
Dunungan kuring
Siga sagelas cai herang pikeun rasa anu keur hanaang. Nyaan boga
Dunungan teh ku hade hate. Berehan, jeung handap asor. Basana teu weleh
lemes kasasaha ge. Komo ka kuring anu kasebutna urut dunungan Manehna.
Pokna ge "Aden mah tos dianggapsepuh ku abdi, janten lamun peryogi naon
bae teh, tong asa-asa nya enggal balaka ka abdi!" Teu karasa cipanon
kuring ngalembereh mapay pipi. Ras inget
laku-lampah baheula basa kuring keur luhur kuta gede dunya. Ceuk anu
ngewa mah. Kuring teh jalma Adigung gede hulu, asa pangjegudna dikota
leotik ieu teh. Ka pagawe, ka dulur kumed komo ka tatangga mah tara daek
pisan nulungan kasusahna. Ah! harta, jabatan geuning henteu langgeng.
Da ari geus dipulut ku nu Maha Gaduh mah, Sakilat ludes! Nya siga kuring
kiwari jadi supir, ngadunungan ka urut pagawe sorangan nu usahana tambah
maju.
Bangsat!
Di juru pos ronda. Manehna nyempod bari nangkeup tuur. ngeluk jeng
beungeutna bareungeup baloboran getih. Opat hansip ngajarega mager panto
pos ronda, ka asup kuring. Pa Rw, keur ngalelemu amarahna para warga
sangkan leler. "Kubur hirup-hirup atawa duruk sakalian tuman, euy!" ceuk
nu kapalingan tipina, di engklakan ku warga laina. Teu lila mobil
pulisi datang, Warga nyingray. Manehna di giring asup kana mobil pulisi.
Kuring ngaharewos ka manehna " Matakna ge kudu pinter atuh, Jang!
Ngarah bisa maling duit nagara milyaran, Jeung lamun kabur terus
katangkeup. Da moal aya nu wanieun ngagebugan jeung noel-noel acan
geura. Da urangna 'pan pada ngawal!" Manehna neuteup ka kuring jeung
imut unggeuk!
Selasa, 05 Juni 2012
Balik ti Cianjur
Jam dalapan peuting. Dina Beus, diuk pangtukangna. Nyarande jeung
peureum, ngararasakeun kacape tadi beurang ider-ideran jeung bebende nu
ngenalkeun dulur-dulurna ka kuring. Reg, Beus eureun. Teu lila karasa
aya nu noel kana taktak. Ang! abi hoyong calik cakeut jandela, kenging
nya da bageur!" Wanoja teh manis imutna. kuring unggeuk, asa kajalanan
pikeun ngobrol. Samalah memeh turun di
Jalan Soekarno-Hatta, Manehna mere kartu namana. jeung nitah datang poe
minggu hareup, da manehna teh rek sukuran tepung tauna. Poe minggu nu
geus di jangjikeun, kuring geus aya hareupeun imahna, ngan rumegog rek
namu teh. "Pa! bumi neng Imas teh eta?" kuring nanya ka hiji kolot nu
rek ka eta imah. "Muhun, hayu atuh urang sami-sami ngaduakeun pendak
tauna Almarhumah, Jang!"Kuring ukur bati ngahuleng, terus ngilikan deui
kartu nama pamere Manehna.
Potret Manehna
Poe minggu. Lain ngahaja ulin ka warungna. Ngan jangjian jeung tukang ojeg, rek nyewa motorna sapoe. Gek, kuring diuk jeung pesen cikopi ka siIbu warung. jeung nanyakeun wanoja anu sok nutupkeun tingkeuban warung tiap jam dalapan peuting, nu sering katempo mun kuring balik gawe. Nu di tanya kalah melong ka Salakina."Ke, ke Iraha pendakna Cep? da Bapa mah teu gaduh putra Istri!" siBapa warung heraneun. "Sasasih kapengker Pa!" siBapa cengkat bari ngajak kuring ka imahna. "Eta sanes, Cep?" siBapa nuduhkeun potret lawas nu naplok di dingding ruang tamu. Katingal hiji wanoja keur imut manis, rambutna panjang, raksukana kabaya burkat kayas, kahandapna samping batik motip mega mendung nuju calik dina bangbarung.Kuring unggeuk bari terus neuteup potret Manehna. "Eta mah almarhumah mertua, ngantunkeuna waktos pun bojo alit keneh, Cep!"
Sabtu, 02 Juni 2012
Cisoca
Ngaborélak célak béntang timur. Cisoca Resi Drona, ngajirim janten hiji
patarosan di Nagri Jaladri nu Éndah tur Sugih ieu. Enya naon atuh anu
henteu tiasa ngajadi di Nagri Jaladri anu Éndah ieu? Anu Bodas tiasa
janten Hideung, 'Pon kitu deui Samulihna! Émutana kingkin, ngeleter ras
emut ka Nagri Sajatina. Mangréwu Sengit Érmawar tur Malati, Miajrih tur
Miéling dirina. Didieu Kadeudeuhna, Anu
mapakan gunung tur sagara, Anu henteu ngawilah-wilah, rék Bodo, Pinter,
Badeur jeung Bageur kanu jadi murid-muridna. Ilang! Sapertos keclak
Cisocana, Anu janten patarosan teu nemu jawaban. Ilang! Di teureuy
rongkah galura ombak Nagri Jaladri anu éndah tur sugih ieu! Anu Sadaya
Rahayatna Senang nyandang tur pangan? Nu salawasna di picinta Atina!
Kabayan Ngeclok duit
"Bang! ngeclok duit euy uing cepeceng
mah!" Siabang neuteup heraneun, beut tara-tara siKabayan rek nginjeum
duit ka manehna, "meunang tapi mayarna leuwihan ceban nya, Yan!"pokna.
Kabayan kerung bari ngomong " Tilu poe oge dibalikeun, maeunya
ceban...gocenglah Oke!" Golosor siAbang mikeun duit saratus rebu,
siKabayan bungah. Bari ngaheot manehna terus indit rek kapasar meuli
kadu jang mahugi kabogohna. Tilu poe ti harita, manehna panggih jeung
siAbang nu keur otel diuk ngarendeng jeung Ceu uneh tukang Cikopi. "Tah!
kapergo ayeuna mah..di bejakeun ka si Tante lah!" siAbang reuwaseun "
naon da Abang mah keur megat maneh bari ngopi nya Ceu!" Ceu Uneh ukur
mesem. "Alah, kawas teu katempo bae tadi pating harewos...heug ke uing
rek lapor heula ka erte nya!" 'Shhts, sok diuk heula Yan!..Ceu,
jieunkeun cikopi jeung dieu roko sabungkeus..keun Abang nu mayarna!"
"Ari hutang kumaha urusana Bang?!" "Lah, kawas lain jeung cees
wae..Lunas Oke! tapi kabayan ge ngarti meureun?" Kabayan unggeuk bari
diuk na bangku warung, pokna teh " Cik Jigow mah..Camer hayang bako mole
cenah Bang he he!" " Yeuh, Gocap...awas ieu rusiah nya!" Kabayan ukur
nyerengeh bari ngaregot cikopi buatan ceu Uneh.
Kameja abu kotak-kotak hideung
Peuting mani ku leuseuh,ngarayap ngadeukeutan ka Janari. Hate jeung
Pikiran titatadi gutreng teu daek eureun, kalah beuki uleng tambah
lung-leng.Muter!. Kabayang tadi beurang, Paroman manis,hideung santen di
kudung warna bungur ngora,dua opat taun,ngeluk semu nu era.
Indungna,gigireunna ngemu semu pinuh harepan. Ceu Mae anu capetang
tatangga uing, nyorocos mani daria
ngutarakeun pamaksudan nu jadi Adina matak mawa anakna nyemah ka uing.
Hiih! kasebelan,nurustunjung siah!, kieu kajadian teh,balukar polah si
Kacep anak ceu Mae. Belegug,bangkawarah siah! na make jeung pura-pura
kasandingan embah nu ti pasir bandera sagala. Teu lucu mani gumasep
kasurupan teh,make menta es juice,roko samsu sabungkus,nya tungtungna
mah menta motor mio. Geuleuh siah,jadi we uing kabakutet peta sia,
disangka ngabogaan pangarti urusan nu kararieu. Hih mani hayang
nalapung,kaduhung ditulungan. Peuting katingali geus leungit,eumh
meureun ngahephep dina impian disimbutan ku Janari leutik nu jigrah ulin
titiliktrikan. Bulan rupana saeutik deui ka purnama, nyerengeh di
langit ka uing nu baluweng diuk di tepas. Dina meja plastik leutik,dua
gelas lamedong ku gegedoh,nu hiji deui masih eusi satengah ci kopi nu
nyecep tiis. Dua bungkus roko jarum nu hiji kari sabatang. Dina asbak,
calacah campur jeung kuntung.Mudal. Gutreng hate jeung pikiran jadi
kalah rehe. Kameja abu kotak-kotak hideung,masih dibungkus ku
koran,bingung,dina tangkeupan uing. Bakal kapancenan ciri nu datang
nedunan hiji harepan. Kuring cengkat tina korsi. Alaah! Mangsa bodo geus
kagok ngawadul ieuh. Da aing teh lalaki jeung geus leuwih ti cukup umur
ge. Isuk! Pasti rek make kameja abu kotak-kotak hideung. Seja maranan
paroman manis ka Cililin!
Impenan
ngadalingding kasturi. gumilang mangrupi kaendahan nu
teu kabayang, lawang tresna nu muka lega teu kaukur. nu ngantri
lebet,raray raray cahaya. barisan imut nu nemu gelenyuna, madu nu bakal
mibanda mamanis salanggengna.
panto tresna, nu someah ngahiap, gupayna asih paromanna deudeuh. pangbagea ka ati anu kasinugrahan bagja. sisi lawang belah kiwa dina kempelan harendeg nganti ngaheruk, neuteup seukeut ka kuring. Pameunteu deudeuh ngaharewos ka kuring, suantenna halimpu kukupingen.
" Poma ulah meutingkeun Amanat,ulah ngalalaworakeun piutang!"
"pa,apa...Aa ntos ibakna...enggal gugah. bade ka cai mah. bilih kasiangan ka masjid!"
korejat kuring lilir,hudang tina korsi. budak lalaki kuring,dirangkul dicium tarangna.
gura giru kuring ka enggon. handapeun bantal bengketan amplop gajih kaamanan lingkungan can kabikeun. leuh geus tanggal 10 ieu teh!
Ctr'0212
panto tresna, nu someah ngahiap, gupayna asih paromanna deudeuh. pangbagea ka ati anu kasinugrahan bagja. sisi lawang belah kiwa dina kempelan harendeg nganti ngaheruk, neuteup seukeut ka kuring. Pameunteu deudeuh ngaharewos ka kuring, suantenna halimpu kukupingen.
" Poma ulah meutingkeun Amanat,ulah ngalalaworakeun piutang!"
"pa,apa...Aa ntos ibakna...enggal gugah. bade ka cai mah. bilih kasiangan ka masjid!"
korejat kuring lilir,hudang tina korsi. budak lalaki kuring,dirangkul dicium tarangna.
gura giru kuring ka enggon. handapeun bantal bengketan amplop gajih kaamanan lingkungan can kabikeun. leuh geus tanggal 10 ieu teh!
Ctr'0212
Langganan:
Komentar (Atom)