Kamis, 31 Mei 2012

'Carita Peuting Munggaran'

Paroman Mitoha, katingalina encan ilang séwotna. Da acara tipi nu nayangkeun OVJ nu ceuk kuring mah pikaseurieun, henteu ngalunturkeun kuraweud haseum tina rarayna. Anu jadi pamajikan, ukur tungkul ngaheruk gigireun kuring. Diruang tamu téh, ngan kuring wungkul nu merhatikeun tayangan tipi. Mitoha duanana cengkat tina diukna, muru kamarna. Geblug sora panto ditutupkeun mani tarik. Nu jadi pamajikan ge ngolesed, terus ninggalkeun kuring asup ka kamar. Cetrék, tipi dipareuman. Kuring ge nangtung muru ka kamar nuturkeun pamajikan. Di sisi ranjang pamajikan diuk, manéhna imut ngagelenyu nempo kuring nyelotkeun panto. Gek, kuring diuk gigireun Pamajikan. "Hampura rin tos mitnah ka akang nya!" sorana halon tapi imutna kalah beuki manis pikauruyeun katingalina téh. "Janten...Saha atuh nu gaduh perbuatana Rin?" kuring neuteup beungeut pamajikan nu beuki matak pikageregeteun. "Ah, da teu ngandeg Rin mah. Pura-pura wé pédah rék ditikahkeun ka siDodo ku Apa téh. Hiyy, amit-amit. Narah ari kudu dicandung mah Rin téh" "tapi naha beut milih akang, sanes ka hendra réncang sakola rini nu katingalna sakitu layeutna?" Rini nyéréngéh, duh éta waosna mani ngagurilap. "Tuda gemper dicehcer ku petarosan-petarosan Apa. Ari pék ningal akang ngajajapkeun bi imas nu mulih ti pasar. Nya..." Rini tungkul. "teu kaduhung kitu rini, gaduh carogé katukang ojég?" Rini neuteup kabeungeut kuring anu beungeup, tapak panyabok Mitoha tadi beurang méméh dirapalan. 

Tamiang meulit ka bitis

: "Kang! Bulan hareup sakola tos bérés, abdi ngiring damel di kantor akang nya!" klik hapé dipareuman. Si Kang Mandor mémang butuheun tanaga mah, ngan bakal daékeun hanteu nya adina kabogoh téh, digawé siga uing jadi tukang gali jalan. Jeung kira-kirana bakal tahan banting moal nya. Da geuning hirup di kota mah, sagala gé kudu ku duit. Enya tuda ti mimiti tempat pikeun saré, cai eukeur mandi tepi ka hayang kiih gé, lamun keur ulin kudu mayar. Sigana didieu mah ngan hitut wungkul nu haratis téh. Lah, bingung uingah. Ari rék terus terang soal gawé. Rumasa kagok ngabohong ka kabogoh jeung ka bakal calon mitoha. Jeungna mun teu ngabohongmah soal pagawéan, lah biheung daékeun siNunung béntang lembur dilamar ku uing nu ukur gawé tukang gali, basa saminggu katukang téh. Beu!

Rabu, 30 Mei 2012

Manggih Milik

Kabagéan tempat ditengah, kahapit kudua putri anu geulis. Saha anu teu bagja. Di kiwa subadra di katuhuna Drupadi. Uing nangkuban, pura-pura saré tibra. Bari dua leungeun meulit pageuh kana dua putri nu gugurinjalan hayangeun leupas tina tangkeupan uing. Gorowok Arjuna jeung Semiaji nu pinuh ancaman teu didéngé. Lah sabodo didieu mah sarua jeung henteu daya. Jeungna iraha deui uing bakal manggih milik, ari lain didieu ayeuna. "Leupaskeun cepot pamajikan aing! Awas siah ke di panggung ku aing di gitik!" ceuk Semiaji, peureupna teu eureun neunggeula Bapa uing Semar. Si Bapa keuheul jeung ambek. Peuleupeus bobos. Atuh kabéh nu aya di ieu roangan patingkocéak kapiuhan, ka asup uing nu ngarasa lungleng ngambeu bauna. Keur kitu. Riyeug-riyeug kotak wayang tempat uing, karasa siga aya nu ngangkat. Lah bakal tereh bèak manggih milik téh. Jeung rék ditanggap kamana deuih Dunungan teh.

‎Jago Catur

Girimis kerep. Di saung dua budak lalaki tas balik sakola ngiuhan jeun hiji kolot tengah tuhu nu rék ngarit. "Tamba kesel catur yu Dén!" ka baturna nu keur ngilikan piala catur. "Embung ah lieur kénéh tadi. Din!" budak lalaki teh muka papan catur pokna "Bah, bisa catur? Urang maén bari ngadago raat yu!" nu ditanya neuteup seukeut "Sok lah tapi ajarkeun abah cara ngaléngkahkeuna nya Jalu!" deur wé maén catur, saléngkah dua lengkah tepi ka sapuluh lengkah "Ari Kuda mah el jalana nya Jalu? Tah kadieu ah cicingna!" "Nya L. Tapi tong loba barang tanya tuh jadi Raja uin paéh. Skak kituh Bah!" "eh, abah menang nya Jalu. Heug atuh abah rék ngarit nya. He he alus tah alus lengkah caturna ngan peupeujeuh, ULAH ASA AING UYAH KIDUL nya Jalu. Ngarah loba nu mikaresep ka urang!" kincid si Abah ninggalkeun budak lalaki nu kerung. "he he guru olah raga urang ge moal menang lawan siAbah etamah atuh Din! Yu balik tong dipikiran teuing.


(carita ti buku bacaan waktu aki keur leutik. Hilap deui duka saha nu ngarangna Lur)

Sabtu, 26 Mei 2012

-Ma Itih-

Palatarana anu lega kacaangan cahya bulan purnama. Katémbong tangkal buah golék jeung Sirsak, keur baruahan mani laleubeut, ngan ditukangeun imahna dapuran awi mani ngaroyom, Hieum! Basa rék uluk salam, kadéngé sora ti pipir imahna ngabagéakeun uing, "éhé, hé, Yaya ieu téh! Kumaha siKeuis geus waktuna nya? Keun mun kitumah, ema rek indit tiheula nya. Bising borojol manten orokna!" nu nanya téh, terus wé ngincid ninggal keun uing. "Ké atuh Ma bareng! Jeung ngarah caang, pan uing mawa oncor!" ceuk uing satengah ngagorowok kanu ngaleos. Kulutrak! Sora panto muka, uing rék nyusul nu indit ngarandeg jeung ngalieuk ka lebah panto. "Har! Geuning Yaya. SiKeuis geus karasa beuteungna nya?"ceuk nu kara kaluar ti jero imah téh. "Aéh, aéh, ari tadi nu indit tiheula saha atuh, Ma?" Nu ditanya kalah sup deui kajero imah, teu lila kaluar bari nyolendang tas leutik. Pokna téh; "Hayu Jalu urang susul mangkeluk téh. Keun da moal bisa asup ieuh ka imah hideupmah. Pan kamari geus dipasang tulak bala ku Ema" uing unggeuk nuturkeun Ma Itih. Tepi ka hareupeun imah uing uluk salam. Panto muka, témbong beungeut mitoha awéwé pucet jeung hariweswes, "Jang! gancang téang siBapa ditukangeun imah keur galungan jeung....Bisi kuma onam!" Uing rék indit, ngan Ma Itih rikat nyeukeulan leungeun bari ngasongkeung pakarang Kujang. "Jug! Peruhkeun ku ieu Jalu! Keun siKeuis mah, ema jeung ambuna nu ngurus!"

Kamis, 24 Mei 2012

Ijen

Tilu peuting ti harita, ceuk Ceu Onah kieu: Janari kakara nguniang hudang. Anak Ceu Késih gundam, bari kekerot téh panona molotot beureum. Keur kitu panto aya nu ngagedor, salakina pada mayang ku réngréngana. Baju jeung calana pangsina rangsak. Sakujur awakna raca ku tatu, baloboran geutih. Leungeun katuhuna, pageuh nyeukeulan Bedog siDongkol pangleler mitohana, Ambuna pamajikana ti lembur Lolohan. Salakina neuteup leuleub jeung unggeuk bari masrahkeun bedog ka manéhna. Salakina imut ngagelenyu! Isuk-isuk dua lembur nu kaheuleut saampar sawah téh, pada sibuk ngurus layon. Kang Jumad jeung Juragan Bako, anu ceuk badégana mah. Sakujur awak Juragan Bako téh, pating arudat tapak bedog. Samalah mah beuheungna, méh amper sapat siga Lodaya nu tigurawés ka gawir, disamber bedog siDongkol Kang Jumad. Digigiren layon nu keur dimandian. Budak lalaki Juragan Bako, kekerot témbong sihungna. "Ari Lodayana kamana?" sora nu ngariung bareng. "Nyéta raib. Ngahiang cenah. Teu ngarti uingah?" Trong! Kentongan sakali kadéngé ditakol ti garduh. Uing gewat mayar cikopi ditarurutan kunu séjén. Kabéh sarua miris, ngadéngé dongéng du jadug kahot patelak. Nedunan wasiat ti guruna séwang-séwang. Kayana anu ijén di dua lembur pentaseun jalan jajahan téh. Acan tuntas!

Dayeuh Bingung

Saha anu palay nasib nyangsang, disaung sisi rél kereta api? Sigana kapalay mah sami, hoyong ngahening di Kota Baru Parahyangan. Atanapi, sawios dumuk di puri Ér anu seueur És na gé. Tibatan didieu, haté teu tenang, seseblakan mun ngadéngé sora karéta. Hariwang, sieun Ndén Putri sanasib jeung anakna tante jumsih nu dua poé katukang kasambér karéta. Sakapeung mah kumejot hayang balik ka sarakan, ka kampung Harééng. Tibatan ngadu nasib didieu, katétér. Éléh kawas langlayangan pégat benangna. Kokoléangan di Dayeuh bingung ieu. Ngan digerentesan kitu téh siKanda. Kalah nitah ngaca kana eunteungna Seus Améh bojona Om Unéd anu damelna Sakantor sareng siKanda, pada-pada nyiar rongsokan. Bunda ayeuna kantun nunggu jeung ngarep tinekanana cita-cita Ndén Putri, anu hoyong sakolana dugi kaUPI. Hé, Hé, Ngimpi?! Sawiosnya pungpung haratis. Jeung Urangna apanan nuju ngimpi didieu, ngantosan di lilirkeun ka Alam Langgeng.

Arjuna ceurik

Arjuna undur saparantos sungkem ti Anjeuna. Paromana beureum kurawed haseum tanda kapalayna teu katedunan. Taak! Geus amper sabulan ieu rasana, nandang pacundang. Geus ngarasa béak déngkak, sok sanajan ngetrukeun sagala pangabisana. Sangkan bisa ngaléahkeun pamadegan Anjeuna, anu kokoh ngajungkiring lir batu karang. Anu henteu rogrég sok sanajan di gempur galura ombak sagara kidul. Wanci haneut moyan anu geus di paheutkeun dina jangji, pikeun muragkeun putusan ti Anjeuna. Arjuna rék kaluar ti pangkéngna, ngan urung basa ngarungu nu uluk salam. Jeung anu terus uplek ngobrol kadéngéna. "Janten abdi kedah kumaha ngadugikeuna ka Wak haji téh, Kang?" "Nya, kitu wé Jang Suta. Hampura kitu lain jalir. Ngan ieu budak nu sakola di bandung, masih kénéh biayaeun. Keun lah, mun geus bérés sakolana siKeneng mah. Insya Alloh, ditikah siKeuis teh ku Akang nya!" Jang Suta pamit. Ti jero pangkéngna, Arjuna sumegruk. Ceurik kanyenyerian.

Pangakuan

Asa boga dosa Kuringmah, ka Anak-Pamajikana anu baregung kaserang ku kasakit paru-paru. Tapi ari ka Manéhna mah, aya karunya aya resep Kuring téh. Enya resep harita waktu keur nyugemakeun kasenangana, anu dibandungana mani euweuh kaseubeuh dina nedunan napsu kahayangna. Da jeung enyana asa kasanjung Kuring mah, asa dinomor hijikeun. Ku asa dipikabutuh pisan ku Manéhna téh. Resep mani saregep dina mikaresep ka kuringna, éta wé sok sanajan dina heurin usikna jero angkot atawa beus. Da mani pageuh nyepengan diri kuring, siga nu embung lesot pisan. Ceuk nu wadul téa mah, mending teu manggih dahar sapoé batan teu manggihan diri kuring. Tapi kiwari mah ukur bati nineung ka Manéhna téh, éta saprak Manéhna wawuh jeung hiji dokter manis di hiji rumah sakit. Malah ayeuna mah jadi matak tibelat jeung rus-ras, lamun kadéngé sora Manéhna nu wijaksana keur mapatahan kanu jadi Adina, anu masih rumaja jeung kakara ngalalanyah dina mikaresepna ka diri kuring. Basana téh: " Omat Gus! Mun keur ngaroko, ulah sok ngadeukeutan ka anu tara ngaroko. Sabab haseupna leuwih bahaya pikeun Maranéhna mah!"

Selasa, 22 Mei 2012

Basa carangcang tihang

Tepung tauna lawang goah muka. Remeng-remeng nampeu lebah juru di haruduman sarung butut. "lebar temenan nya gaplah! padahal masih wedel, gancang atuh pasang deui di tihang tepas!" Simpé muter-muter kurung nu ngungun, di jerona témbong suwung ukur bulu-bulu katineung pasoléngkrah nalimbeng. "Aéh, aéh, lain los nya indit kaditu mungpung isuk kénéh, geura siar gantina, balatak nu leuwih alus gé geura!",sambung kahayang kumejot beuki rosa. Simpé nyéréngéh mireungeuh haté léah ngoléséd teu ngulét muru kamarna. Dangdan!

Senin, 21 Mei 2012

Isin

célak béntang timur di teuteup ku reueus kalah ngalices kemba. naha? Isin ku langit, walerna halon. tanggah. leres ning! melengkung luhur lega ambahan taya nu mapakan. langit kingkin gura-giru nyalimutan diri ku haleungheum. naha? girimis nepikeun sedihna. lirih. risi sieun kenging bebendon ti nu Maha luhur.

Jumat, 18 Mei 2012

HAWEK


"Wa,ari ngarawu ku siku naon hartosna nya?"
"moal bisa, paling awur-awuran. sok we praktekeun rawu yeuh jengkol dina tampir!"
"ih,uwa mah leres naon hartosna?" Katembong daria beungeutna Suan kuring anu kara kelas genep teh.
"hartina Hawek!...Bisa oge sababaraha pagawéan di gawekeun ku manehna sorangan,
padahal jelas geus aya bageana-bageana.!" jawab lancekna nu sakolana Kelas tilu es em pe.
"cikan, contona kumaha tah Jalu?"
"sugan eta Uwa terang?"
"sebel naon hartina ieu teh atuh?" nu leutik asa dilejokeun.
"Haweeeek!" Uing jeung Suan nu gede. Ngajawab kompak!

SIGA UWA

" Wa, hiji deui..Ari Nepak dada sorangan naon?",
"Jalma sombong!",
"Ari Adean ku kuda beureum?",
"Jalma agul, nu ngagul-ngagul turunan,atawa boga dulur berpangkat!",
"Ari curuk bengkung balas nunjuk, sareng cap Jahe naon Wa?!"
"Jalma nu loba utah etah,paparentah wungkul--cap jahe mah kumed alias pedit!"
Suan kuring cengkat bari ngaleos,
"Pas pisan ciga Uwa ka Uing wekwekwek door !"
"hih,Nurustunjung ciah !"

Ay Leup Yu

Taun 71, Aki kelas genep esde. Dikelas neng Anyelina béntang kelasna. Pada marikabogoh ku barudak lalaki mah. Tapi aki mah hare-hare, da hate teh acan aya rasa ser nud saeutik-eeutik acan ka awewe. Teuing bogoh, teuing panasaran ka aki anu cuek bebek. Manehna ngirim surat. Eusina : Ay Leup Yu. Ay Leup Yu. Ay Leup Yu. Cenah. Kusabab teu ngarti da jaman aki mah can diajarkeun bahasa Roti. Nya ditanyakeun naon ari hartina Ay Leup Yu téh? "Nyéta Uing gé teu ngarti anu osok ditulis jeung di bikeun ka barudak lalaki sakelas ieu teh!" "har! kutan sarwa jeung Uing , teu ngarti harti Ay Leup Yu, beu!"

Ngarasula

"Teuing kumaha ari pikiran Dunungan urang. Apan uing ti isuk jedur kénéh geus marengan kukurusukan ka pasir néang kebonna, malah ka pasar nganteur meuli Bako Tampang karesepna.
Ayeuna masih kénéh kapaké marengan ka dieu, ih jadi éra uing mah kunu gigireun, tukangeun jeung hareupeun anu pada ngadalingdingkeun wawangén. Sedeng ari uing kalah nyambuangkeun bau karinget léngkét!".'
"aéh,aéh, na beut ngarasula ieu téh? teu pantes keur urangmah!",
"Lain ngarasula apan nyaho sorangan, Manéhna boga loba...kahayang téh pilih baé nu pas jeung pantes pikeun marengan katempat nu Mulya pinuh Barokah ieu téh!".'
"Ssst mengges ulah norowéco baé, mending urang ngucapkeun rasa Sukur bisa kapilih tepi tempat nu Mulya pinuh Barokah ieu, lain kalah ngabaribinan, ngaganggu kani'matan Dunungan nu lelenggutan...Geus mending urang regepkeun wejangan Khotib!" Kaos Kurung balem ngan paromanna murukusunu di gebes Sarung nu madep nutupan nu sila tutug téh!

Émut ka Salira

Wangsul deui ka wanci haneut moyan. Katingali Salira, gura-giru satengah lumpat, teup ka kuring nu kabagéan ngadeg caket lawang, leungeun ranggah, gap, panangan kacepeng, urang sami ngadeg papayun-payun. Riyeg, soloyong kana dada, kuring rikat nangkeup salira, "Hapunten!" Kuring unggeuk bagja. Teras carita ngawitan ngalir, Aya ku manis pancakaki dina heurin usikna sadaya rasa nu ngadeg, nu kebek ku sagala pangharepan éndah. Urang lungsur téh sami di stasion Bandung. Sareng sami pada surti kedah turay. Bongan atuh udagan urang téh benten nya, Rin!?

Ermawar beureum

Kaluar ti kamar, Panto imah masih nutup. Ah, geus indit jeung babaturana meureun. Teup kana panto kamarna nu méléngé, disurungkeun, bray!, sagala eusi kamarna katempo. Bau roko ka angseu, pajuarana nu teu mangrupa, sepré nu kamana karep jeung balatak kertas-kertas nu pinuh coretan teu paruguh. Ih, Dasar lalaki, jorok téh mani teu jeung adeuh. Teu talangké jandela kamarna dibukakeun, hawa seger asup ngadalindingkeun ermawar nu keur sumedeng ligar ti taman leutik pelak kuring. Hem, paingan milih kamar hareup, bisaan kituna mah manéhna téh. Bérés mersihan rohangan kamar katut pajuarana. Teup kana meja leutik, luhur computerna, aya map beureum jeung amplop surat bodas. Gap di buka amplop téh, uni suratna kieu: "Ass...Rin adi akang. Hampura, rumasa geus menggaskeun ka cinta Rini jeung Angga. Akang teu bisa nolak kana pamundu Mang Haji, rama Rini. Anu sakitu merhatikeun pisan ka kulawarga akang. Keun ké mun akang cios di alihkeun tugas, masalah ieu urang bereskeun. Da kahartosen. Mun akang geus tugas di leuweung mah!. -Budi-. Teu karasa panon beueus, inget ka Angga nu kara sabulan jatukrami ka Nena sobat kuring. Inget deui ka Manéhna nu saprak mibojo kuring, imutna leungit manisna. Leungit réngkak polahna nu galecok dina saban riuangan, nu teu pikaresepeuna mun merhatikeun pakéan jeung buukna nu gondrong. Rét ka lebah jandéla nu muka, ermawar beureum imut ligar, geterna siga surti kana cinta nu mimiti mangkak dina ati. Teu karasa cipanon ngalémbéréh mapay pipi. ah, Budi!

Senin, 14 Mei 2012

Tong paké ay leup yu!

"Gus, Jieunkeun surat akang, yeuh goceng keur prankona!" "Ké, kagok keur nganggeuskeun Pr heula, Kang!" "Nya sok omongkeun. Naon nu kudu ditulis. Tapi tambah goceng nya. kang!" " heueuhlah! -Neng, Surat geus katampa, ngan pamenta maneh moal waka ditedunan beurat ari kudu buuk dicukurmah. Ke we mun arek kawin kara dicukur okey. Wasalam Aa Duyéh titik! Eh, omat tong paké ay leup yu, nya! Jeung nu lemes pisan basana, baelah menang rék maké puisi saeutik gé, yeuh Ceban! Akang rek mangkat ngojég heula" "Oké, Bos!" "Bas, bos, bas, bos siah, katuliskeun jadi tukang korupsi keh uing! Awas poho tong pake ay leup yu! Uing lieur maca balesana, Gus!"

Ari Aing kagean Naon?!

Tilu prajurit ngahadep ka kumendana, mani laleuseuh. " Beuleumkeun ieu lauk, terus bawa ka dewek. Gancang tong pake lama!" "Siap, Dan!" tiluana kompak ngan ting gerendeng. " Nu tegas ngajawab teh! kawas lain soldadu wae, Siah!" " Siaap, Daan!" Sora tarik maraksakeun kompak. Kumendana mesem, neuteup anak didikna nu sapeupeuting dilatih mendem dilamping pasir Tikukur, jero lombang dituruban dangdaunan. Kara ge rek indit, jol deui dua sersan, mawa lauk hiji ewang kana piring. "Ieu ge pangmeuleumkeun, Montong garing teuing!" "Siaap, Daan!" Tiluana arindit, nyampeurkeun babaturan reguna nu keur mareuleum lauk, bari kukulutus. " Gebleg teh ari nasib, Kacida mani teu jeung adeuh! Na ari Aing kabagean naon atuh? Ieung tobat deehk ah! nasib, nasib!" nu hiji ngaharewos ka baturna. " Eureun siah, bieu ngomong naon?" Ceuk sersan nu diuk. " Siap, Dan! Euh, Ieu Nilana badak jeung montok, Dan!" " Heueuh, meunggeus gancang geura beuleum. Sayah lapar!" " Aeh, eunya. jieunkeun sambel goang! mun geus asak laukna, hempek dalahar kumaraneh, pungpung liwetna haneut keneh!" ceuk sersan nu hiji. bari nga ha ha -the end-

Nu Bodas jeung Beureum

"Cik, pangmetikeun! Déwék teu bisa kadinya, Euy!" "Har, sugan téh lain didinya!. Éta tuda basana mani di ula-elu sagala! Tapi alus kétang aya kamonésan!" "He, he, menang nurutan tinu cicing di juru tuh!" "Heueuh, baé alus, tandaning urang motékar bisa ngigelan kahayang kiwari!...Yeuh, ari hayang mah. Har, ning loba kadahareun ngarareunah ieu gé? Hayang euy déwék cicing didieu jeung didinya!" "Nya heug baé ari bisa mah! Kara indit Dunungan téh, sanggeus ngagul-ngagulkeun déwék ka babaturana. Soré balikna geura!" "Nya atuh lain teu sono ka didinya déwék téh. Keun lah isuk, déwék kadieu deui nya,Lur!" Geleber nu bulu Bodas ninggalkeun Kanari Beureum nu bungangang, atoheun laksana bisa ngicipan Arbén anu sakitu euceuyna!

Dongeng Ucup

"Sigana resep mun sayah jadi didinya!,hayang ka arab ka amerika atawa kamana baé gé,kari gerak,sakolepat gé tepi. Teu siga kieu, hayang geura kumpul jeung sagara gé katahan heula di dieu!",
"Ih,puguh déwék nu hayang siga ilaing!. teu beurang teu peuting pada maturan kunu ngaruseup!"
"heueuh nya, mun bisa rekes mah hayang silih tukeuran,ngarah bisa silih rasakeun genah jeung teu genahna gumelar!". Lep,kucuprak..Dua Jejer kabetot ku lauk nu nyanggut,tilelep. Teu dipalire ku Ucup nu kerung,ceulina keur di rebing-rebing. Ti langit Purnama Mabra,nyaangan hiliwir angin nu keur otel jeung cai bendungan cirata nu ngeplak pating borélak.
"Pong! pong!, keur nganterkeun kamana?
Balikna samper uing euy,rada muriang awak yeuh!" klik hp pareum,teu lila sora bargas datang ngadeukeutan Ucup nu cungelik sorangan dina rakit.

Bapa tere

"hih aya ku euweuh milik ambu mah gunta ganti salaki gé!",
"eunya A,nu hiji nyaahna ka anakna sorangan jeung bengis si eta mah. Aya nu bageur tur nyaah ka urang,hanjakal kulawedet urang kuran nyatujuan. Nu ayeuna katingalina téh bangun nu nguyung ku anak anakna nu baladeur,jadi urang ditambélarkeun ku anjeunna!",
"heueuh,cigana mung semet Sd uink sakola téh. Jeung si kang ucup ge bakal moal tamat tah Smp geura. Da taun hareup mah adi urang sineng bakal manjing Sdna!"
"hih! Goreng patut ngarasula kitu téh,teu narimakeun nasib. Mangkana ke jaga mun urang dikeursakeun Jadi,tong pilih kasih rek anak sorangan atawa ka anak samperan ge nya!"
kuring jeung A ucup olohok nempo panon lanceuk nu panggedena,sorotna nyeples bapa almarhum

Teplon

Handapeun sorondoy plastik biru tukangeun imah. Pangineupan uing samentara. Tapi
ceuk dua Ibu-ibu geulismah disebut teu sehat? Sabenerna Uing jeung babaturan teh era mirengeuna. Ngan dalah dikumaha atuh, da rumasa diri teh urut. ayeuna geus jadi rongsokan, teu cara kawas baheula deui keur weuteuh. mani ngapung pangambung ge, asa artis sanetron diundikeun ku Ibu-ibu pada hayang mibanda diri kurung. "Ieu aya artos kadeudeuh, tampi nya Aceuk! Abdi saparakanca bade marios kanu sanesna. Sareng enggal candak ka klinik. Tipes murangkalih teh!" Dunungan istri unggeuk. Panona neuteup ka Uing. Serengeh. Uing dimandian. Ter, karasa usap cintana Dunungan Istri teh! Batur sanasib pating saruit. Dunungan Istri ngilikan eusi amplop. Humandeuar. "150 keur babayar, sesana! Cukup meureun keur saminggueun deungeun sangu siganamah? Jang, sujang cicicing ditukang, ieu jaga nya. Ema arek ka warung heula!" Torojol budak lalakina. Kincin Dunungan Istri ninggalkeun Uing, bari ngelek budak awewena anu hareeng.

Mulang

Tiap Mulang nepungan Dulur nu Dumuk di Lembur nyingkur. Kuring rébo ku rasa sono. Tiap lebah rék liwat Jembatan, tara teu nyampak Manéhna. Angger! Katingali keur metik hitar bari ngahariringkeun lagu birahi nu lawas dina luhur Kutana. Biasana ukur saliwat unggeuk jeung silih tenggorkeun imut manis, da ari geus tepi kadieu téh sok loba nu kudu di tepungan. Tapi kiwari mah, Manéhna eureun heula ngahitarna jeung lirih nyalukan Kuring: "Asa lawas tara kadieu, geus lali nya?" gerendengna. "tingali tuh wahangan nu ngamalirkeun cinta muru muarana, urang gé bakal mulang ka muarana, Kuring mah sono ka Manéhna?" Sambungna bari neuteup, siga nu keur neuleuman haté Kuring tepi kadasarna, neangan jawaban nu rapih di samunikeun.

Kopdar

Poé minggu jam sawelas beurang di Jero Los,kios kahiji di kota kembang. Nu di téangan keur ciri kapanggih lebah juru nyelap dibeungkeut karét gelang, gap dicokot terus dicena nyetél ka pelayanna. Lagu ngalaeu patémbalan jeung lagu-lagu ti kios-kios séjénna."Om tis nya?". Uing ngarérét,Manéhna nyéréngéh. Wanoja lenjang, umur tilu puluh lima taunan ngakuna mah, basa Uing narima és ém és sasab anu terus manjang jeung uplek ngobrol tiap peuting tepi ka janjian Kopdar di ieu tempat téh. "Leres!",pel sasalaman, ngan haté pinuh ku cangcaya, "Ah,ieu mah pantar si Nénéng anak Uing nu kara naék kelas dua és ém a ning?!"."Mamah ngantosan payuneun Masjid Agung!", Mojang lenjang téh imut manis. "Ih,yu urang énggal tepangan atuh!", bari gancang mayar pisidi bajakan,lagu Hujan di bulan April ti grup bend paporit Uing. Haté ngadadak bungangang deui.

Nada dering

Nada dering

ting tong!
' aya és em és, énggal geura buka tiiiw! '
-- upami pameget! di antos payuneun rumah sakit dustira! raksukan abi, sinjang garutan, kabaya burkat beureum sareng nyandak pajeng kayas! bada isya, titik --
deuh, gaduh japrén ti tétéh. can sidéndang dina pésak! haduh ala ieung! cinta téh beurat di ongkos, beuh!

Harendeg

Cetrék! Bray, tipi hideung bodas dua belas inci. Témbong penyiarna, manis. Ngawartakeun kapal udara murag jeung ngaran-ngaran nu tilar dunyana dina eta musibah. Teup, maca hiji ngaran. Harendeg. Gesut nyokot tas sakola, kusiwel amplop surat di buka deui. "Pasti da, moal daék nganteur uing ka bandara. Wani tarohan lah!--salam ti saingan beratmu, loh!-- Ih, naha kudu kaluar negri sagala, naha teu di jakarta atawa di jogja we ari bosen ngotok-ngowok ngatik elmu di bangdung mah! Kabayang deui waktu perpisahan. Manéhna daria pisan, ngajak paheula-heula nalukeun haté Lea, Béntang és ém a anu di kelas 3c. Anu geus leuwih tiheula indit ka negri deungeun. Ah, Wilujeng angkat, Bud!

Dompet kulit hideung

Di lengkob pasir leutik,katingali manehna hanjat tina lombang pamiceunan runtah. Gek,diuk nyarande kana tangkal jengkol,kesang ngoprot napas na ngahegak. Jegoh-jegoh batuk,tina lombang katingali seuneu durukan ngabebela. Serelek dompet kulit hideung nu kotor ku taneuh dibuka. Eusina..Duit saratus rebuan lima lambar jeung hiji ktp. Manehna apal saha nu boga ieu dompet,tapi beungeut budak awewena nu tadi isuk ngadingdiut ceurik, hayangeun tas sakola ngolebat. Duit diasupkeun kana pesak,dompet jeung ktp Pa Rw perumahan,anu runtah-runtahna di unjalan kana roda tiap poe di alungkeun kana durukan. "Mang,Mang Juha!". Budak lalaki ngagorowok bari nyampeurkeun manehnah. "euh,Mang mendakan Dompet hideung teu tina tong sampah tadi?,kitu saur pun Bapa teh!". Manehna narik napas jero pisan,tuluy gideug bari neuteup durukan runtah nu seuneuna tambah ngabebela!.

Degig

Jrut tiluan turun tina angkot. Uing mayar ti heula, ngalenghoy muru pasar. "Seger ari ngarendeng jeung budak awewe nu rek indit sakola mah, sengit parpumna euy!" "Lah, Uingah getek bulu irung, bau karinget tukang manggul harepeun nu degid. matak bersin bae tadi teh!" "Ehe, he, nyeta atuh kitu Jamla mah, sieun dipenta pangmayarkeun jeung gengsi meureun ari nanya ka pantar urang mah. sok padahal sakalieun dipesel jeung dipanghiburkeun ku urang, pan urang tara ieuh ngenta dibayar ka manehna mah, heu-heu!" Reg, Uing ngarandeg, kusiwel ngaluarkeun Udud, song kanu silih tungtun ditukangeun. " Nya Lah...Hampura dewek euy, rada lieur jeung balideg yeuh. tadinamah moal mangkat, ngan butuh keur rasiko he he!"

Teu bener

"Ma! Uing jeung siUya, pada-pada melak cau. Ari siUya anak cauna, Uingah jantungna. Cik ceuk ema nu bener Uing apa siUya?" "Ilaing jeung siUya balener!" ceuk Indung siOnyet bari lunga-lengo siga aya nu keur didagoan. "Ih, sarius atuh Ma, ngajawab téh!" "Ih, ari nyanéh. Yeuh reungeukeun. siUya melak anakna cau, bener! Ilaing melak jantungna cau, bener. Teu salah pan ceuk manéh kitu?!" siOnyét rék sapokeun ngomong, kaburu adi indungna datang. Katingali jamotrot, bari mawa dua popongkol gede. "Hayu Ceu urang warah siTeualeucreug teh!" Indungna cengkat ngarawél popongkol. "Mangké lanan, Ma! Hih, mana nu bener!" "Héngén milu ari hayang nyaho anu teu benermah sujang!" Kereweuk leungeun anakna dijéwang, terus ngagidig muru tangkal rambutan. Katingali ku siOnyet, Bapana keur ocon jeung pamajikana siMamang. siOnyet nyéréngéh, bari ngagorowok ka bapana nitah kabur!

Serat kanggo Rini

Upami Wengi kaleresan Purnama dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir
Tikukur. Sono Nambihan! Émut ka Salira nu calik dina pangkonan pageuh meulitkeun panangan kana beuheung, sareng Raray nu dangah ngalebuhkeun Purnama, nu nampeukeun kareueutna tresna. Ah, apal waé Salira mah kana kalemahan haté Aang, nu teu kiat nadah teuteup ceuleuyeu nu sapertos patingkaretipna bentang ningker Purnama itu, sareng basa gelebug angin nembag ngarewégkeun tirisna ka Urang. Salira ngaharéwos, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!". Kiwari sami! Aang nuju calik di tepas katineung Urang, bari carinakdak neuteup Purnama na embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur, nu kakalieusan dina hunyudan pepedut, nuju ngadamel serat kanggo Salira. Mudah-mudahan waé dugi kana pangkonan Salira, nu nuju nganti, calik di Patamanan Nagri nu éndah, nu tangtos hiji waktos bakal ka sorang ku Aang, Rin!